Monday, May 26, 2008

Jurig Hore Datang Deui

DEUH, kieu tah mun jurig hore datang deui teh. Nyeta jurig hoream tea geuning. Pangaruhna, nya jadi aranglangka nulis di blog. Teungeutan we tulisan kuring. Ngan sababaraha hiji tina sababara minggu. Atawa bulan kitu. Ah, tempo we ku sorangan.

Sagala rupa karasa hese rek nuliskeunana. Padahal mah rea pisan kajadian atawa bahan tulisan mah. Ngan nyaeta, ari geus kaserang ku jurig hore teh, hoream weh saeuneung-euneung. Hayang na mah, kabeh nu karandapan, nu karasa, nu katingali, nu kadenge, ku kuring, boh di imah, di tempat pagawean, di jalan, dina koran, majalah, buku, kabeh bisa dituliskeun dina ieu blog. Nya saeutikna, sapoe hiji wae mah kitu nu ditulis. Komo ari keur rajin jeung sumanget mah, jigana bisa dua atawa tilu tulisan.

Geus ah, sakieu we heula ngacapruk acakadut peuting ieu, kaburu datang jurig hore na. Sugan we, isuk mah geus nyinglar si jurig teh. Jadi nulis bisa lancar deui. Cag. (*)

No comments: